banner 728x250

Lapas Cianjur Ningkatkeun Pangawasan, Kamar Hunian Warga Binaan Digeledah

banner 120x600
banner 468x60

Wartasoenda.com – Lembaga Pemasyarakatan (Lapas) Kelas IIB Cianjur terus nguatkeun deteksi dini kana gangguan kaamanan jeung katertiban (kamtib), salah sahijina ngaliwatan kagiatan ngageledah kamar hunian warga binaan.

Kagiatan eta dipingpin ku Kepala Kesatuan Pengamanan Lembaga Pemasyarakatan (Ka. KPLP), dibarengan ku jajaran pejabat struktural jeung petugas Lapas Kelas IIB Cianjur. Panggeledahan dilaksanakeun minangka langkah pencegahan pikeun ngantisipasi ayana gangguan kaamanan, kaasup asup jeung sumebarna barang-barang anu dilarang di lingkungan Lapas.

banner 325x300

Salian ti panggeledahan, petugas oge ngalaksanakeun tes urine sacara acak ka lima urang warga binaan. Tina hasil pamariksaan, sakabeh sampel dinyatakeun negatif tina narkotika.

Petugas Lapas Kelas IIB Cianjur ngalaksanakeun tes urine ka warga binaan minangka bagian tina usaha deteksi dini pikeun nyegah gangguan kaamanan jeung katertiban.

Dina kagiatan eta, petugas manggihan sajumlah barang anu teu meunang aya di kamar hunian. Sakabeh barang hasil panggeledahan tuluy diamankeun jeung diinventarisasi pikeun ditindaklanjuti luyu jeung katangtuan sarta prosedur anu berlaku.

Kepala Lapas Kelas IIB Cianjur, Prayogo Mubarak, netelakeun yen panggeledahan teh mangrupa bagian tina usaha preventif jeung deteksi dini anu dilaksanakeun sacara terus-terusan.

“Panggeledahan teh mangrupa bagian tina usaha preventif jeung deteksi dini anu dilaksanakeun sacara terus-terusan pikeun nyiptakeun lingkungan Lapas anu aman, tartib, sarta bebas tina narkoba,” saur Prayogo.

Anjeunna nambahan, Lapas Cianjur bakal terus ningkatkeun panggeledahan sacara berkala jeung acak, utamana di wewengkon anu dianggap miboga potensi rawan.

“Ka hareupna, Lapas Cianjur bakal terus ningkatkeun frekuensi panggeledahan sacara berkala jeung acak, hususna di wewengkon anu miboga potensi karawanan,” pokna.

Lengkah eta dilaksanakeun pikeun mempersempit rohangan pikeun lumangsungna palanggaran, sakaligus nguatkeun usaha ngajaga kaamanan jeung katertiban sarta nyegah sumebarna narkoba di lingkungan Lapas Kelas IIB Cianjur. (Ben)

banner 325x300

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *